Pengertian Kecap Pangantét
Kecap Pangantét mangrupa kecap anu pancénna pikeun ngantétkeun caritaan kana katerangan, biasana aya saméméh kecap barang. Contona: di, dina, ka, kana, ti, tina, gigireun, hareupeun, di tukangeun, jsté.
Gabungan kecap Pangantét jeung kecap barang ngawangun gundukan kecap (frasa) pangantét, anu biasana nyicingan fungsi katerangan (Kat). Contona:
Téh Rani
aya
Di Cianjur
J
C
Kat
Dina basa Sunda aya rupa-rupa kecap pangantét. Dipakéna kecap pangantét gumantung hartina. Geura pék tengetan di handap ieu!
1. di nuduhkeun harti ‘tempat cicing’
2.dina nuduhkeun harti ‘tempat ayana’
3. ka nuduhkeun harti ‘tujuan, arah’
4.kana nuduhkeun harti ‘tampat, alat’
5. ti nuduhkeun harti ‘asal, tempat asal’
6.tina nuduhkeun harti ‘asal, bahan’
7. keur nuduhkeun harti ‘guna, tujuan’
8. pikeun nuduhkeun harti ‘guna, tujuan’
9. di luhureun nuduhkeun harti ‘ tempat ayana’
10.kanggo nuduhkeun harti ‘tujuan’
11. ku nuduhkeun harti ‘alat, palaku’
Cara membedakan penggunaannya gimana kak? Buat ulangan besok soalnya
BalasHapus